Get Even More Visitors To Your Blog, Upgrade To A Business Listing >>

CARITA PONDOK (CARPON) SUNDA : ADA MAIN

Tags: camat urang heula
ADA MAIN
(Darpan)


Jeung saeunyana lurah hasil nyundutan Urang lembur. Poe eta Mang Ursin  ninggalkeun heula paculeun. Ki Sarja merenan heula anyameun. Kang Sabri nutup heula warung. Mang Sarip ngahaja teu ngurilingkeun dagangan. Meh kabeh lalaki urang lembur ngabring rek ngadongdon kantor kacamatan. Mapay-mapay totoang siga keur ngajajapkeun panganten, jiga nu rek seserahan.
Pucuk tigirang mah : Listrik!
Desa Karangsaga kaliwat teu kabagean listrik. Padahal lembur beh girang jeung hilireunna mah geus raang. Nu jadi ambek urang lembur, naha atuh ngan ukur kabelna hungkul anu ngaliwat kaluhureun desa teh.
“Piraku urang teu ngarasa di teung-teuingeun?” ceuk lurah, “Lain kuring kurang usaha, inget! Tapi Camat anyar jiga sentimen ka desa urang!” pokna deui basa rapat LKMD. “memeh nepi ka desa hilir ge, kudu namah kapan ka urang heula. Camat anyar jeung oknum PLN jiga ada main!” lurah awong-awongan. Jeung enyana, urang Karangsaga kakoet ambekna.

Bari abring-abringan maranehna padungdengan.
“kumaha engke pokpokanana ka Camat?” ceuk salah saurang.
“menta ka adilan we kituh!”
“urang sebut, Camat teu gableg cedo!”
“ah, kasar teuing ari kitu mah”
“har, naha urang ayeuna rek popoyongkodan kitu?”
“ari rek kitu mah ku saurang ge mahi!”
Sarerea unggut-unggutan ngaluyuan.
“maksud teh sing wajar we.”
“nu wajar-wajar mah kapan enggeus ku Lurah. Urang mah kapan rek ngalakonan nu teu wajarna”
Sarerea unggut-unggutan deui
“moal kumaha onam kitu lamun Camat ambek?”
“nya urang pagede-gede ambek we atuh!”
Sarerea leuwih rosa unggut-unggutan nana.
Jalan nu diliwatan, jalan desa nu can diaspal. Sisi-sisina sawah ngaplak garapeun. Manjing usum porekat, tapi teu jadi bahan obrolan nu abring-abringan. Tukang endul ukur wasa ngajanteng di tengah jalan basa nu abring-abringan ngaliwatan dirina. Motor nu ngaliwat ge maksakeun nyisi heula.
“ke, saha nu apal ka Camat anyar?” ceuk salah saurang deui.
“mun geus tepung mah meureun engke ge ngaku sorangan”
“bisi we kasamaran”
“saha atuh engke anu pangheulana rek nyarita?”
“mending tinu ngora heula, Jang Anen we tah nu ngamimitian mah!”
“ah, tikolot heula alusna mah” ceuk nu ditunjuk.
“kumaha mun Mang Ursin?”
“is, ulah Emang atuh. Ti iraha Emang bisa nyarita jeung Camat. Nu bedas tanagana we heula, tinu ngora.” Mang Ursin kekepehan, sarerea silih reret.
“kieu atuh kumaha mun babarengan. Langsung cocorowokan.”
“tah enya, mending kitu!” ceuk sarerea meh bareng
Urang lembur beuki gancang leumpangna.
Barang srog ka hareupeun kantor kacamatan, kasampak simpe. Sarerea silih pelong bari nyusutan kesang. Saeunggeus leumpang jauh abring-abringan.
“Anen komandoan!” salah saurang ngaharewos.
Anen luak-lieuk heula, “ngomandoan naon?” pokna.
“ngomandoan ngagorowok, belegug! Pokona sagala rupa nu kudu dikomandoan, komandoan kumaneh.”
Sarerea silih pelong deui. Salah saurang mere bongbolongan, “kieu we atuh: Camat, kaluaaaar!! Kituh!”
Sarerea nyatujuan
“hiji....du...”
“ulah gancang teuing, Nen! Bisi teu bareng. Kumaha keh nu ngagorowok tiheula nu katempuhan?”
“ah, loba teuing aturan. Geura sok-sok kadinya, Nen!”
Anen malikan deui “hiji...dua....tiluu!

Lir keur kampanye. Bari ngacung-ngacungkeun peureup tingjorowok nitah Camat kaluar. Tukang beca nu keur nambangan ngadadak ngeureunkeun heula becana. Si Ayu nu keur ngaladangan jajamu ngahajakeun tunga-tongo heula. Barudak SD nu karek baralik tisakola tinglaliud nyalampeurkeun, ngadarangong na tembok benteng.
“Camaaaat... kaluaaaaaarrrrr!! Kaluaaarr Camaaaaat!”
Karyawan kacamatan  jul-jol kalaluar. Tapi saeunggeus ninggali tingjorowok mah tingrarengkog deui. Jiga nu sadar, yen jelas-jelas nu daratang teh lain nu rek nguruskeun KTP. Heureut ti harita karek waranieun deui nyalampeurkeun nu tinggorowok bari pacekel-cekel leungeun.
Pa Sekwilmat ngawakilan nyarita, “tenang, tenang!” cenah, “ke, aya naon para saderek?”
“Bapa teh Camat?” ceuk salah saurang
“lain kuring mah!”
“euh, lain Camat mah ulah pipilueun atuh. Kuring mah butuh ka Camat.”
Sekwilmat kerung, pokna, “keur euweuh Pa Camat mah.”
“ah, wadul. Sok daek naon?”
Sekwilmat rurat-reret heula ka stap sejen. Geus kitu pokna, “Daek... medu! Euweuh Pa Camat mah!”
“anakna atuh?” Ceuk Usen nu spopoena kuli macul.
“his, rek naon mamawa anak Camat?” nu gigireunana ngagebes
“engges kudu ka saha deui?”
“aya ku belegug ari maneh.”
Sekwilmat mariksa deui “sakali deui rek naon para saderek teh?”
“rek ka Camat! Meuni teu cukup ku sakali.”
“sugan bisa diwakilan ku kuring.”
“is, teu bisa! Ceuk Lurah ge nu ada main mah Camat!”
“ada main?” sekwilmat kerung
“Camaaat Kaluaarr!” salah saurang ngagorowok deui. Dituturkeun kunu sejen, bari nyedek rek asup ka jero kantor. Sekwilmat jeung stap nu sejen undur-unduran. Tapi nu nyedek beuki ngangsreg. Antukna stap kacamatan teh barirat lalumpatan.
“Camaaat...Kaluarrr!”
Dor! Kadenge sada nu ngabeledug. Nu cocorowokan ngadadak simpe. “saha nu ulin pepetasan euy?”
“pepetasan atawa pestol?”
“pestol?” sarerea ting curinghak
Anen teu kaburu ngomandoan, urang lembur kaburu buriak kabur katawuran! Ting beretek satujuan sewang-sewang.
“jangan lariii!” aya anu ngagorowok
Anen ngalieuk, “pulisiiiii.....!” bari jicir leuwih gancang.
Dor!
Mang Ursin beak tanaga, bru nyempod di juru imah batur bari renghap ranjug. Ngan teu lila jol nu disaragam. Dada Mang Ursin asa ditotog halu. Tapi pulisi hareupeunana kalah ka melong
“geuning Kang Ursin,” ceuk pulisi.
Sakedapan Mang Ursin ukur matismeuteun. Saengges teges karek bisa nyarita, “leuh, geuning maneh Kamsir. Ti iraha jadi pulisi?”
“sssttts, Banpol kuring mah!” ceunah bari luak-lieuk “naha Akang pipilueun kanu kieu?”
“hih, era atuh teu milu mah”
“ngarah teu kanyahoan ku pulisi enyaan, ayeunamah lumpat weh atuh sing jauh, sing tarik!” ceuk kamsir.
“is nanaon teh. Kumaha mun kanyahoan di tengah jalan? Tiwas Akang”
Kamsir ngahuleng. “atuh kumaha lamun urang ucing-ucingan. Kuring pura-pura ngudag akang. Mun geus euweuh sasaha Akang gancang balik”
“nya teu nanaon ari kitu mah”
Becir Mang Ursin lumpat deui, deregdeg di udag ku Kamsir. Ngan teu lila aya pulisi sejen nu milu ngudag. Gorowok Kamsir megatan, “keun...keun ieu mah kuring nu nyerek. Udag we nu sejen!” pulisi nu ngilu ngudag nurut. Beretek mengkol kanu sejen.
Di kebon sampeu tungtung lembur, saeunggeus jauh ti kantor kacamatan, Mang Ursin ngudupruk kacapean. Teu lila Kamsir nyusul. Duanana renghap ranjug. Saeunggeus sababaraha heuleutan, Kamsir nanya, “aya naon tadi teh? Siga rek ngajakan perang.”
“puguh rek neang Camat.”
“har, piraku teu tepung jeung Camat? Kapan tadi teh katingali namah ka Karangsaga keun kana motor. Ceuk dunungan kuring mah rek ngajakan Lurah Karangsaga ka kantor PLN”
Mang Ursin colohok, “rek naon Camat jeung Lurah ka kantor PLN?”
“kapan nguruskeun listrik Desa Karangsaga!”
“naha? Ku naon atuh Lurah ambek-ambekan?”
“Lurah?” ceuk Kamsir ditungtungan ku nyikikik.
“kamari ge Lurah ambek-ambekan ka komandan kuring. Pedah Camat anyar jiga ada main ka pamajikan ngorana.”
Mang Ursinteu bisaeun milu seuri cara Kamsir.
Pok Kamsir nyarita deui, “jung geura balik, Kang. Bisi urang disangka ada main!”


This post first appeared on Personal, please read the originial post: here

Share the post

CARITA PONDOK (CARPON) SUNDA : ADA MAIN

×

Subscribe to Personal

Get updates delivered right to your inbox!

Thank you for your subscription

×