Get Even More Visitors To Your Blog, Upgrade To A Business Listing >>

Lengkap! 2 Contoh Ceramah Bahasa Sunda di Bulan Ramadhan

Tags: puasa urang bulan

INDIFFS.COM - Contoh teks ceramah Ramadhan dengan bahasa sunda ini kerap kali dibutuhkan. Terlebih dengan ceramah singkat jelas inilah, menjadi hal yang sangat diperlukan bagi pendakwah sebagai bahan Kultum, khususnya di Bulan Ramadhan.

Adapun biasanya, ceramah bahasa sunda yang disampaikan tersebut memberikan motivasi bagi umat muslim agar semakin giat meraih pahala, pengampunan, serta Ridha-Nya. Karena mengingat, bulan Ramadhan merupakan bulan yang istimewa dibandingkan bulan-bulan yang lainnya.

Contoh Ceramah Singkat Bahasa Sunda Bulan Ramadhan 1444 H

Bagi kamu yang sedang mencari teks ceramah singkat untuk sajikan dan dibawakan saat bulan suci ramadhan menggunakan bahasa sunda, kamu bisa simak sejumlah contohnya di bawah ini!

1. Teks Ceramah Basa Sunda Tentang Hakikat Puasa Ramadhan

Assalamualaikum wr wb.

Innal hamdalilah wasolatu wasalamu ala rosulilah saidina Muhammad ibni abdilah waala alihi wasohbihi wamawalah (amma ba'du).

Hadirin anu dipikahormat anu insya alloh ku alloh di mulyakeun.

Oge tehilap ka bapa bapa ibu ibu warga sadaya anu ku pribados di pikahormat anu insya alloh ku alloh di mulyakeun.

Puji miwah syukur Urang sanggakeun ka alloh swt anu alhamdulilah kalayan takdir timantena urang sadaya tiasa riung mungpulung patepung lawung patepang wajah dina tempat anu ieu barokah.

Anu mudah mudahan ieu riungan teh sing ngajantenkeun hiji wasilah ngengengkeun safaatul udma dina poe kiamah amin ya alloh ya robal alamin.

Oge rohmat miwah salam mugia salalamina dicurah tur dilimpah kapaduka rosul wastana kangjeng Nabi Muhammad SAW.

Teu hilap ka para keluargana sahabatna, tabiina, oge mudah mudahan eta rohmat teh dugi ka urang sadayana amiin ya alloh ya robal alamin.

Hadirin anu dipikahormat dina dinten ayeuna urang ngabahas ngeunaan Hakekat Puasa , puasa nyaeta nahan diri tina sagala rupa hawa nafsu meh jadi prisai atawa pelindung manehna tina seuneu naraka ke di akherat.

Sagala rupa dosa pamaksiatan awalna tina hawa nafsu, akibat urang nurut teuing jeung teu bisa nahan kana godaan godaan. Nu matak bentengi diri ku cara puasa. Sakumaha saur pidauh Rosul:

الصِّيَامُ جُنَّةٌ ، فَلاَ يَرْفُثْ وَلاَ يَجْهَلْ ، وَإِن امْرُؤٌ قَاتَلَهُ أَوْ شَاتَمَهُ فَلْيَقُلْ إِنِّى صَائِمٌ

Puasa nyaeta benteng, numatak sing saha anu keur puasa tong ngomong anu goreng, ngacaci ,jeung ngahina, lamun aya anu ngaganggu, ngajak pasea atawa ngahina bejakeun kaula keur puasa, (H.R. Bukhari).

Jadi puasa teh lain ngan saalakadar nahan haus jeung lapar, tapi nahan sagala rupa hawa nafsu anu matak ngaruksak kana puasa seperti ngomong anu goreng ngaghina gelut jeung sajabana.

Tah urang teh kudu bisa nahan diri, tapi teu sakedik jelema teu apal hakekatna puasa nu matak loba anu puasa tapi masih silih hina ngomongkeun batur pasea ngan nahan lapar jeng haus hungkul.

Padahal lain kitu, komo loba jelema teu puasa pamasiatan masih loba da puasa teh benteng nahan kana diri.

Sing inget puasa romadon teh wajib sabab diparentahkeun ku alloh dina Al-Quran:

يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا كُتِبَ عَلَيْكُمُ الصِّيَامُ كَمَا كُتِبَ عَلَى الَّذِينَ مِنْ قَبْلِكُمْ لَعَلَّكُمْ تَتَّقُونَ

Hei jalma anu ariman, diwajibkeun ka aranjeun puasa seperti anu geus di wajibkeun ka jalma saacan maneh meh maraneh takwa. (QS Al Baqarah 183).

Tah puasa ge sebagai penghapus dosa. Saur pidauh Rosul:

مَنْ صَامَ رَمَضَانَ إِيمَانًا وَاحْتِسَابًا غُفِرَ لَهُ مَا تَقَدَّمَ مِنْ ذَنْبِهِ

Sing saha anu puasa romadon karna iman jeung ngaharepkeun pahala, maka bakal dihampura sagala dosana anu baheula (HR Bukhari).

Tah numatak hayu urang puasa anu bener lain ngan saala kadar nahan haus jeung lapar tapi nahan sagala rupa godaaan hawa nafsu dosa jeng pamaksiatan. Meh urang jadi jalma anu takwa.

Meh urang bisa ngendalikeun diri. Jauh tina sagalarupa dosa.

Mudah mudahan urang sadaya dibulan romadon tiasa menangkeun berkahna serta tambah khusyu kana ibadah. amin ya alloh ya robbal alamin…

Hadirin anu dipikahormat moal seueur anu di carios kirang langkungna nyuhunkeun di hapunten. Wassalamu'alaikum Warahmatullohi Wabarokatuh.

2. Teks Ceramah Basa Sunda Tentang Keutamaan Bulan Ramadhan

Assamua'alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh

Inna hamdalillah, nahmaduhu wa nastai’nuhu wa nastagfiruhu wa na dzubillahi min syururi anfusina wa min sayyiati a'malina. Mayyahdzillahu fala mudzilallah wama yudlilhu fala hadiyalah.

Langkung ti payun, puji sareng sukur kasanggakeun ka Gusti Nu Maha Suci. Ku rahmat sareng hidayah-Na urang sadaya tiasa ngempel dina ieu tempat dina kaayaan séhat wal’afiat.

Sholawat miwah salam mugia tetep kakocorkeun ka jungjunan urang sadaya, Nabi Muhammad SAW.

Teu hilap ka kulawargana, sohabatna, tabi’in tabi’atna, tur ka urang sadaya salaku umatna.

Hadirin anu dipikahormat.
Dina dinten ayeuna simkuring bade ngabahas ceramah anu judulnya "Kautamaan Bulan Romadhon" naon sababna, seueur pisan jalmi anu teu terang naon wae kautamaan anu aya dina bulan ramadhan.

Loba anu nyianyiakeun waktu di bulan romadon teh, teu sungguh- sungguh ibadah jeung puasa di bulan ieu.

Bulan romadon teh nyaeta bulan diwajibkeunna puasa, pikeun nunaikeun rukun islam anu ka 4
sapertos anu diparentahkeun ku Alloh dina Al-Qur'an surat Al Baqarah ayat 183:

يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا كُتِبَ عَلَيْكُمُ الصِّيَامُ كَمَا كُتِبَ عَلَى الَّذِينَ مِنْ قَبْلِكُمْ لَعَلَّكُمْ تَتَّقُونَ

Hei jalma anu ariman, diwajibkeun ka aranjen puasa sapertoa anu ges di wajibkeun ka jalma saacan maneh, meh maraneh takwa. (QS Al Baqarah: 183).

Jeung di bulan ieu oge nyaeta bulan dimana diturunkeunna Al-Quran, bulan dimana aya hiji peting anu lewih alus tibatan sarebu bulan.

Dina nalika urang puasa di bulan romadon bakal diampuni sagala rupa dosana sapertos pidauh Rosul.

مَنْ صَامَ رَمَضَانَ إِيمَانًا وَاحْتِسَابًا غُفِرَ لَهُ مَا تَقَدَّمَ مِنْ ذَنْبِهِ

Sing saha anu puasa romadon karna iman jeung ngaharepkeun pahala, maka bakal dihampura sagala dosana anu baheula (HR Bukhari).

Aduh lebar pisan lamun urang teu bener-bener ningkatkeun ibadah jeung loba ibadah urang dibulan anu berkah ieu, padahal pahala ibadah dilipat gandakeun , jeung lawang hampura di buka salebar lebarana.

Urang kudu sumanget ku sabab bulan romadon teh datangna sataun sakali. Mumpung urang masih keneh dipasihan umur anu panjang ku Alloh hayu gunakeun kesempatan ieu sing maksimal.

Sabab dina bulan romadon loba pisan kautamaana.

Saur pidauh rosul

إِذَا جَاءَ رَمَضَانُ فُتِّحَتْ أَبْوَابُ الْجَنَّةِ وَغُلِّقَتْ أَبْوَابُ النَّارِ وَصُفِّدَتِ الشَّيَاطِينُ

Lamun romadon datang, pintu surga dibuka, pintu naraka ditutup, jeung setan dibelenggu. (HR. Bukhari jeung Muslim).

Di bulan ieu panto surga dibuka salebar lebarna anu pihartieun yen kesempatan urang asup surga teh gede pisan, sabab pahala ibadah dilipat gandakeun, lawang hampura dibuka salebar lebarna, jeung lawang naraka ditutup.

Anu pihartieun kasempatan urang ngalakukeun maksiat teh saeutik. Sabab urang fokus ibadah menta karidoan Alloh SWT.

Setan oge bakal dibelenggu, jadi teu bebas ngagoda ku kituna kasempetan urang ibadah leuwih gede.

Lamun masih aya anu hare-hare jeung maksiat, berarti manehna ngagugu hawa nafsuna teu kuat iman jeung teu ngahareupkeun kana pahala anu gede di bulan suci romadon.

Fungsina puasa teh meh urang bisa ngandalikeun hawa nafsu, sanajan godaan setan ngurangan sabab dibelenggu angger we urang kudu merangan hawa nafsu ku cara puasa.

Mudah-mudahan urang sadaya tiasa sumanget ngajalankeun ibadah puasana, jeung leuwih getol kana ibadahna. amin ya alloh ya robbbal alamin.

Hadirin anu dipikahormat moal seueur anu dicarios, rupina sakitu anu tiasa di dugikeun, kirang langkungna nyuhun dihapunten.

Wassalamu'alaikum Warohmatullahi Wabarokatuh

Itulah sejumlah contoh teks ceramah bahasa sunda yang bisa dibawakan pada suatu acara di bulan suci Ramadhan 1444 H. Semoga bermanfaat ya!

Sumber: https://www.indiffs.com/lengkap-2-contoh-ceramah-bahasa-sunda-di-bulan-ramadhan/

The post Lengkap! 2 Contoh Ceramah Bahasa Sunda di Bulan Ramadhan appeared first on indiffs.



This post first appeared on Indiffs - Media Informatif Dengan Gaya Berbeda, please read the originial post: here

Share the post

Lengkap! 2 Contoh Ceramah Bahasa Sunda di Bulan Ramadhan

×

Subscribe to Indiffs - Media Informatif Dengan Gaya Berbeda

Get updates delivered right to your inbox!

Thank you for your subscription

×